Text
JANGJI ASIH
Novel pondok Jangji Asih nyaritakeun Asih, hiji murid sakola karawitan nu alus sora tapi goreng rupa. Asih didapuk jadi panyulih sora (dubber) dina pagelaran drama-sora ''"Sangkuriang''' lantaran Lasmini, nu merankeun Nyi Dayang Sumbi-na, alus rupa tapi goreng sora. Puguh da kacaritakeun yn Lasmini mah bentang di eta sakola. Nu jadi Sangkuriang-na nyaeta Tresna, lalaki papada murid sasakola nu ku Asih dipicinta dina hatena bari ngarasa yen moal pisan Tresna bakal males kana cintana. Mehmehan pagelaran batal lantaran Asih meh wae pundungeun sabab dina brosur pintonan teh ngaran panyulih sora ngan ditulis ku mangsi, teu kacitak, teuing dihaja atawa henteu. Jadi lamun pagelaran batal, geus pasti ngaran sakola jadi ruksak lantaran bakal ditongton ku para tokoh nasional jeung tamu ti mancanagara. Ahirna, pagelaran drama-sora teh teu batal. Naon sababna?
Tidak tersedia versi lain