Sultan Ageng Tirtayasa, jenengan aslina Abdul Fath Abdulfattah. Diangkat jadi Sultan Bantén taun 1651, nalika yuswa anjeunna 20 taun. Katelah Sultan Ageng Tirtayasa, ku margi saparantos sepuh anjeunna linggih di Karaton Tirtayasa. Dina mangsa anjeunna jeneng sultan, Bantén teh kaasup kasultanan anu maju. Maju dina sgala widang. Bantén aya dina mangsa puncak kajayaanana.