Jaman baheula. Kacaturkeun aya hiji karajaan, katelahna nagara Banjar Raharja. Eta nagara kakocap aman raharja. Subur ma'mur, gemah ripah loh jinawi. Rea ketan era keton. Buncir leuit, loba duit. Luhur kuta, gede dunya. Sepi paling towong rampog. Hurip gusti, waras abdi.